Kapungkur sd di cipeulang leutik VII abdi mah, dugi ka galunggung ngabudal.. ka jayapura, bandung deui, ngaprak we kamamana, jarambah abdi mah..
Serius ah,.. tarling sekarat, gatrik, ji-beh, galahjidar/galasin/galah asin, dll lenyap... kumaha tah saur akang? budaya + permainan anak tradisional teh penting saur abdi mah padahal...
sok ah, nu sanes kumaha?
Hehehe..hebat kang RaR mah arapal keneh kana permaenan nuju aralitmemang permainan eta teh ayeuna tos jarang pisan dilakukan ku murangkalih ayeuna mah..padahal permainan eta teh ngarangsang anak janten lebih aktif sareng kreatif..kapungkur mah permainan oge ngadamel nyalira..aya sosorodotan anu relna tina palapah kalapa sareng tumpakanana sami didamel tina palapah..jigana mah cikal bakal halilintar di ancol tea panginten..
..aya deui permainan teh namina sorodot gaplok..ngadukeun batu ku ayunan kaki..atawa ngadu muncang..aya keneh kitu ayeuna?
Wilujeng tepang.....abdi tos lami enteu nyarios sunda...punten wae nya ari agak kasar kitu...
Abdi teh. tos lami merantau...bari teu aya batur nu diajak nyarios sunda hiks hiks.
wah.. ulah ngadu muncang ah.. saur, pa haji suleman teu keunging; "yen, saha-saha anu... mihareup kana .. kabagjaan.. boh dunya jeung aherat.. tah, barudak kupingkeun yeuh... ulah ngadu muncang nya.. dolim eta teh.."
"nhaa.. zolim ti manana wa?"
"Ee.. ari eta ngala muncang na teh timana?... bebeja heula teu ka kuring?...!"
sekedar cerita aja... biar abis kenalan ada yang dirumpiin... kenging nya kang? kenging ah, da tos di serat...
seminggu lalu, sekolah anak-anak saya ada outbound... ke padepokan... senang sekali mereka menghidupkan permainan-permainan kita dulu, semua yang kita sebutkan sebelumnya... plus bikin mainan dari yang ada di sekitar.. enggrang, trus ni ti batok kalapa di talian tea geuning.. jiga egrang tp tina batok, lompat tali, di aruntun heula tali karetna teh.... yang menariknya semua permainan modern seperti, paint-ball dan PS diadakan juga, hanya dikhususkan ke ortunya... bayar mahal pula lagi...
tapi saya ngerti maksudnya... biar ortunya ngeliat dan ngerasain serta membandingkan sendiri.....
alhasil sorenya, ortu rapat dan ngusulkan sekolah mengadakan kegiatan/permainan tradisional secara rutin di sekolah dan bukannya hanya jadi event sesekali saja....
jadi poinnya mah,.. ah, kitu wee, rame lah pokona mah...![]()
Sampurasun baraya sadaya, utamina Kang Hanu, Kang Adir, Kang Kentut, Juragan Adi Albar, sareng nu sanesna. Hapunten saminggu teu tiasa ngiringan sawala. Puguh asa sono pisan. Kumaha daramang ? Tambih reueus, sihoreng seueur keneh Urang Sunda teh. Sok lah, prung urang pkalangan deui dina Basa Sunda.
Bookmarks