
Originally Posted by
Ki Sunda
Klub Poligami.
Mah, kang Andir nyarita lalaunan ka istrina, kumaha lamun akang miluan klub poligami ? Naha kira-kira mamah satuju ?
Nya ari akang keukeuh, mah, abdi satuju bae. Ngan, aya tilu sarat anu kedah dicumponan ku akang. Istri kang Andir nyarita bari leuleuy. Ngadenge istrina siga anu satuju kang Andir rada marahmay. Dina pikirna, laksana, yeuh, rek nambah hiji deui, teh. Naon atuh saratna, mah ? Mudah-mudahan akang bisa nyumponan. Bari rada dareuda istri kang Andir nyebutkeun sarat-saratna. Anu kahiji, akang kedah rido ngabimbing abdi, supados janten istri anu soleha. Ulah bosen-bosen janten pamimpin abdi sareng barudak. Oh, kitu ? Gampang atuh etamah. Kang Andir beuki gede harepan bae. Ari nu kadua naon, mah ? Anu kadua, cek istrina, tambah dareuda, malah bari nyusut cimata. Anu kadua, akang kedah adil ka abdi sareng barudak. SAnggem henteu akang janten salaki anu adil ? Istri kang andir nyarita bari murubut cimata. Tapi kang Andir geus buleud tekad, yen jadi anggota poligami kudu kalakon. Ah, soal adil, mah, enteng. Ayeuna anu katilu sarat naon, mah ? Sugan akang masih keneh mampu nyumponanna. Kang Andir geus teu sabar hayang nyaho naon sarat anu katilu.
Na, ari gantawang teh istri kang Andir bari nulak cangkeng, hayang nyaho sarat anu katilu ? Yeuh, lengkahan heula mayit kuring !!! Kakara asup klub poligami.
Ningali istrina galak kitu, kang Andir ngarumpuyuk kapiuhan.
(hampura kang Andir, ieu oleh-oleh ti Radio Rama, tadi sore bari nungguan budak keur les)
Bookmarks