Thread: Kamarana Wae Yeuh Urang Sunda ...

  1. #5751
    Senior Member Definda's Avatar
    Join Date
    Jul 2008
    Location
    ...PVJ...
    Posts
    2,870
    Rep Power
    6

    Re: kamarana wae yeuh urang sunda ....

    Quote Originally Posted by Ki Sunda View Post
    Akang tukang selingkuh ? Moal ditambuh
    Akang tukang jalir kana jangji ? Moal ditampik
    Akang tukang cidra kana subaya ? Bakal ditarima
    Anjeun anu satia, tuhu, jeung panceg kana jangji
    Akang ngaku, akang nu salah, rayungan reujeng bosenan
    Lamun ayeuna anjeun ninggalkeun, akang iklas lahir batin.
    Tapi ari hate, dipapalerkeun oge hese
    Najan kedal kecap iklas, hate mah ngarasa baluas.
    Dina mangsa tunggara ieu, keun bae hukuman pikeun akang, itung-itung nebus dosa, anjeun mah sing bagja bae.
    Ihik... ihik... ihikkkssss.... peuuriiiihh juragan...


    Quote Originally Posted by hatinurani View Post
    Edun si aki puisina..!! ieu mah kelasna tos sejajar sareng sastrawan kondang di tatar nasional....akh jigana abdi mah kelasna masih kelas penyair kondangan..
    Mang hanu... cik ngeser saalit mahhh...
    *keur diajar nyieun puisi jeung mang hanu, ngadon pocontek-contek... Maklum masih kelas pemula....*
    ~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~
    ...Cuma butuh satu alasan untuk katakan YA!!!...

  2. #5752
    unn
    unn is offline
    Senior Member unn's Avatar
    Join Date
    Aug 2008
    Location
    somewhere between Bogor and Bandung
    Posts
    1,132
    Rep Power
    5

    Re: kamarana wae yeuh urang sunda ....

    Teh Uun mani tengteingeun...abdi disaruwakeun sareng sate ayam sarenng sate kambing hiks hiks!
    [/QUOTE]
    aduh...
    teh syanti anu binangkit...
    hapunten sanes maksad nyamikeun nu geulis sareng sate ayam sareng sate kambing..
    paralun teuing..
    maksad teh ngahibur ki sunda anu nuju tunggara kumargi dikantun ka srilangka!
    eh.., geuning ki sundana ge kapokkeun nepangan neng shinta teh! rupina neng shintana galak! da wangsul ti neng shinta teh kalah ngagoler di rumah sakit saurna teh..!hehehe..
    rupina kanggo aki mah, teh syanti teh tak tergantikan tea.
    euh..., endahna..

    Last edited by unn; 28-11-09 at 04:47 PM.
    I am not white, I am not black, I am grey...

  3. #5753
    unn
    unn is offline
    Senior Member unn's Avatar
    Join Date
    Aug 2008
    Location
    somewhere between Bogor and Bandung
    Posts
    1,132
    Rep Power
    5

    Re: kamarana wae yeuh urang sunda ....

    Quote Originally Posted by hatinurani View Post
    Beu mani ku harade kitu puisi teh..beda ari angkatan pujangga baru mah..pemilihan katana oge mani nembus kana manah... bade nurutan ngadamel puisi sok sieun diseungseurikeun...rek ngadamel carita pondok sok inggis dipoyokan..tapi da kumaha ari hoyong maju mah saurna kedah gaduh muka tembok semen....abdi oge bade ngadamel puisi..engkin antosan abdi bade nungguan wangsit heula...
    eunyaan, hebat aki urang teh nya, kang...?
    engke mah pami kopdar deui teh kedah diagendakeun diajar ngadamel puisi tah, plus diajar mengapresiasina!
    kumaha, kang hanu? setuju..?
    I am not white, I am not black, I am grey...

  4. #5754
    unn
    unn is offline
    Senior Member unn's Avatar
    Join Date
    Aug 2008
    Location
    somewhere between Bogor and Bandung
    Posts
    1,132
    Rep Power
    5

    Re: kamarana wae yeuh urang sunda ....

    [QUOTE=Ki Sunda;599679]Ah, Defi mah kudu ka psikiater. Piraku ningali jelma keur sedih kingkin malah katingalina lucu ? Anggurmah dihibur, atuh !

    def...,
    hayulah ka psikiaterna dianteur..
    hihihihi


    [QUOTE=unn;599496]
    Aki mah trauma ka Sinta 1 teh. Gara2 nyate di Sinta 1 aki kudu bayar ka Boromeus 1 juta. Eta teh taun 96.

    euleuh..,
    teu nyangki, neng shinta teh geuning galak sareng matre nya kii..? eta we aki dugi ka kedah ka boromeus, kedah mayar sajuta deuih!
    heuheuheu..
    I am not white, I am not black, I am grey...

  5. #5755
    Senior Member Definda's Avatar
    Join Date
    Jul 2008
    Location
    ...PVJ...
    Posts
    2,870
    Rep Power
    6

    Re: kamarana wae yeuh urang sunda ....

    [QUOTE=unn;599797]
    def...,
    hayulah ka psikiaterna dianteur..
    hihihihi


    Quote Originally Posted by unn View Post

    Hayu teh... Psikiater teh nu ngantor di Simpang Lima pan??... caket pos polisi, gigireun gedung Bumiputera hehehe...
    ~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~
    ...Cuma butuh satu alasan untuk katakan YA!!!...

  6. #5756
    Senior Member Ki Sunda's Avatar
    Join Date
    Aug 2008
    Location
    Bandung-Jawa Barat
    Posts
    2,528
    Rep Power
    7

    Re: kamarana wae yeuh urang sunda ....


    rupina kanggo aki mah, teh syanti teh tak tergantikan tea.
    euh..., endahna..

    [/QUOTE]
    Anjeun rek digantikeun bumi jeung langit ?
    Moal, da bumi jeung langit bisa leungit.
    Anjeun rek ditukeuran ku harta ?
    Moal, da harta jeung dunya brana henteu lana.
    Anu sabanding reujeung anjeun, anu sabanding reujeung kuring,
    ukur nyawa reujeung pati kagungan Gusti

    Asmara matak tunggara
    Cinta matak nalangsa
    Harepan peunggas dijalan
    Tapi kadeudeuh tetep maneuh
    Keur jungjunan anu ngumbara
    Jauh ka Sri Lanka.....
    Isuk jaganing geto, lamun nu kawasa
    ngersakeun, anjeun bakal mulang deui

    Siga nyere jeung simpayna,
    Siga cingcin jeung jarina,
    Siga cinta jeung asihna,
    Baris ngahiji, saati, madep ka Gusti
    Last edited by Ki Sunda; 29-11-09 at 08:08 AM.
    " Alam Padang, Poe Panjang, Jagat Kamanusaan"

  7. #5757
    Senior Member Ki Sunda's Avatar
    Join Date
    Aug 2008
    Location
    Bandung-Jawa Barat
    Posts
    2,528
    Rep Power
    7

    Re: kamarana wae yeuh urang sunda ....

    Quote Originally Posted by unn View Post
    Aki mah trauma ka Sinta 1 teh. Gara2 nyate di Sinta 1 aki kudu bayar ka Boromeus 1 juta. Eta teh taun 96.

    euleuh..,
    teu nyangki, neng shinta teh geuning galak sareng matre nya kii..? eta we aki dugi ka kedah ka boromeus, kedah mayar sajuta deuih!
    heuheuheu..
    Harita jeung si Nini mulang ti Jakarta. Ngahaja teu jajan di jakarta da hayang nyate di Cipanas. Dasar keur lapar mokaha nyate kambing jaba lada, kaluar ti Syanti, eh Sinta langsung bae nyeri beuteung. Atuh langsung ka Boromeus. Di RS teu aya kamar kelas murah (sigana ngahaja ningali nu ripuh) nua kosong ngan nu pangmahalna kelas VVIP. Kamarna wungkul 475.000/malam. Isukna kaluar ti RS jam 12 siang. Persis biayana 1 juta.
    " Alam Padang, Poe Panjang, Jagat Kamanusaan"

  8. #5758
    Advisor
    Join Date
    Jan 2008
    Posts
    22,109
    Rep Power
    28

    Re: kamarana wae yeuh urang sunda ....

    wilujeung siang kasadaya baraya, wah rupina weekend ayeuna seeur dimanfaatkan acara kaluarga.
    aya anu masih nyate, aya oge anu masih masak gule, ah.............meriahnya liburan di boboran Idul Adha.

  9. #5759
    unn
    unn is offline
    Senior Member unn's Avatar
    Join Date
    Aug 2008
    Location
    somewhere between Bogor and Bandung
    Posts
    1,132
    Rep Power
    5

    Re: kamarana wae yeuh urang sunda ....

    Hayu teh... Psikiater teh nu ngantor di Simpang Lima pan??... caket pos polisi, gigireun gedung Bumiputera hehehe...
    ari neng defi, mani ngalilieur nyalira..
    psikiater nu ngantor di simpang lima mah, caket simpang opat we...
    tah...., gigireunna teh, simpang siur!
    hehehe..!
    kumaha nyate teh? suksess..?
    Last edited by unn; 29-11-09 at 02:09 PM.
    I am not white, I am not black, I am grey...

  10. #5760
    unn
    unn is offline
    Senior Member unn's Avatar
    Join Date
    Aug 2008
    Location
    somewhere between Bogor and Bandung
    Posts
    1,132
    Rep Power
    5

    Re: kamarana wae yeuh urang sunda ....

    Quote Originally Posted by Ki Sunda View Post

    rupina kanggo aki mah, teh syanti teh tak tergantikan tea.
    euh..., endahna..

    Anjeun rek digantikeun bumi jeung langit ?
    Moal, da bumi jeung langit bisa leungit.
    Anjeun rek ditukeuran ku harta ?
    Moal, da harta jeung dunya brana henteu lana.
    Anu sabanding reujeung anjeun, anu sabanding reujeung kuring,
    ukur nyawa reujeung pati kagungan Gusti

    Asmara matak tunggara
    Cinta matak nalangsa
    Harepan peunggas dijalan
    Tapi kadeudeuh tetep maneuh
    Keur jungjunan anu ngumbara
    Jauh ka Sri Lanka.....
    Isuk jaganing geto, lamun nu kawasa
    ngersakeun, anjeun bakal mulang deui

    Siga nyere jeung simpayna,
    Siga cingcin jeung jarina,
    Siga cinta jeung asihna,
    Baris ngahiji, saati, madep ka Gusti
    [/QUOTE]

    teh syantii....
    kumaha yeuh..?

    aduh akii...,
    mani puitis dan mengiris
    tapi tetep o-p-t-i-m-i-s...!!
    aki emang..... dech..!


    I am not white, I am not black, I am grey...

Posting Permissions

  • You may not post new threads
  • You may not post replies
  • You may not post attachments
  • You may not edit your posts
  •  

Content Relevant URLs by vBSEO 3.6.0