Assalamualaikum...
Sampurasun..
Sok sirik ningali daerah batur mah araraktif ngajalin silaturahmi lewat forum ieu teh...cing kamarana atuh urang sunda teh..urang ngabako didieu?

Assalamualaikum...
Sampurasun..
Sok sirik ningali daerah batur mah araraktif ngajalin silaturahmi lewat forum ieu teh...cing kamarana atuh urang sunda teh..urang ngabako didieu?
aya Kang, tenang direncangan ku abdi, anu sanesna panginteun sibuk nuju usaha atanapi isin disebat urang sunda, he........ atuh gabung urang riung mumpulung di kompas forum.
Aeh geuningan araya urang sunda teh..sawios tos misah ti propinsi jawa barat da tetep we upami tatalian sunda mah moal tiasa dipisahkeun..sanes kitu yi anoew?urang ngajalin deui silaturahmi tatar sunda utamina mah di forum ieu..atuh minimal urang bari diajar deui basa sunda...sanes kitu ayi andir?
ngiring absen ah. abdi ti bogor tapi kumahanya... teu tiasa nyarios sunda. janten teu pede asup ka dieu teh![]()
Alhamdulilah yi sae..akang mah aslina ti bandung mung ngumbara ka jakarta terakhir didieu di sukabumi...udarana kawon bandung mah..didieu mah sejuk keneh bebas polusi mung ari macet mah tetep sok aya..sok atuh urang ramekeun urang tatar sunda..bari urang diajar deui basa sunda..salam
Bookmarks